blog ini di buat dengan sesungguh - sungguhnya..

hmm..

bobodoran sunda..


sunda’an beU…??!!







TARAJE teh NTAR AJE



Jang Dodo keur nembok sumur di perkampungan orang Betawi. Meureun rada malaweung, na atuh ujug-ujug gejebur ..!! Jang Dodo tigejebur ka sumur bari ngagorowok tulung-tulungan.

Ngadenge aya nu tulung-tulungan, si orang Betawi nyampeurkeun nu maksudna rek nulungan Jang Dodo.

Jang Dodo : ” Taraje…!!! taraje …!!! “, maksudna menta disodorkeun taraje kahandap.

Orang Betawi bingungeun bari leos indit deui, sangkaan manehna mah TARAJE teh NTAR AJE…. yeeee



Tukang Obat – Nyeri Sirah

Sebut wae ngarana Mang Ihin, tukang obat keliling, nu sok mangkal di hareupeun kantor pos. Jam dalapan manehna geus ngampar, manehna teh spesialisasina kana obat nyeri sirah tradisional, bari terus gogorowokan sangkan nu liwat katarik ku obat nyeri sirah “made in” manehna.

Mang Ihin terus noroweco, “Bapa-bapa, ibu-ibu, sareng saderek sadaya, mangga cobian ieu obat, dupi obat nu didagangkeun ku sim kuring taya lian ti obat nyeri sirah, obat nu cespleng.

Upami Bapa atawa ibu katerap panyawat nyeri sirah, cobian nuang ieu obat, moal samenit-menit acan eta panyawat nyeri sirah bakal ical, ieu memang terbukti obat nyeri sirah paling cespleng,” cek Mang Ihin teu siriknya nepi ka gogorowokan, ampir-ampiran beakeun sora.

Tapi saurang oge teu aya nu mirosea, nu liwat ukur ngareret wungkul. Malah nu liwat kalah katarik ku atraksi tukang obat kulit nu maenkeun oray kobra.

Geus leuwih ti tilu jam meureun Mang Ihin gogorowokan teh. Geus kasawang ku manehna moal aya jalma nu ngabandungan omongan manehna, Mang Ihin terus meresan daganganana. Memeh balik, manehna nyampeurkeun tukang dagang nu ngadon dagang di jero kios sisi jalan.

“Peryogi naon Mang?”, Ceuk nu dagang tina jero kios.

Mang Ihin, “Cik Jang, sugan aya procold, meser dua mah. Puguh rada nyeri sirah Emang teh, dagang ti isuk teu aya nu ngareret-reret acan” Ceuk Mang Ihin bari ngasongkeun duit lima rebuan salambar.


SeMeSan

Pasosore jang Imat ngahajakeun ulin ka Si Nana sobatna. Kasampak di imah Si Nana aya Ninina keur ngawangkong di hareup bari ngawedang kopi hideung jeung seupan sampeu anyar nyait tina panyeupanan, panas tur ngebul keneh.

Jang Imat nyampeurkeun tuluy nanya ka ninina si Nana.

Imat, “Punten Ni, ari Nana aya di ompok deh?”

Nini, “Aya bieu mah di tukang keur semesan sosoranganan wae handapeun tangkal kopo.”

Imat, “Haaarr…ari nini, piraku maen batminton sosoranganan?”

Nini, “Lain keur batminton, tapi keur semesan, eta geuning nu sok dipencetan ku indung leungeun make hempon.”

Imat, “Oohh…sanes semesan atuh Ni, tapi SMS-an eta mah. Kunaon dipencetana ku indung leungeun henteu ku cinggir nya Ni?”

Nini, “Bieung ah, teu nyararaho kuring mah.”

Imat, “Ari cinggir mah paranti meresihan rorompok korong.”

Nini, “Nurustunjung siah, kuring keur ngawedang yeuh!”

Imat, “He-he, punen Ni, heureuy. Mangga atuh, rek ka tukang nyampeur si Nana, bisi kumaha onam..!”

Nini, “Nos! Kaditu sampeurkeun bege!”


Beakeun Bahan

Dina hiji mangsa Pa ulis indit ka Rumah sakit,maksudna nek ngoprasi anakna anu suing, sabab cek beja ti bupati aya program Operasi biwir suing masal,

Enya we pas tepika rumah sakit geus ngantri anu rek operasi, selang 5jam kakara ka giliran anak pa Ulis,”sok canak putra na pa kalebet”cek Dokter, selang 1jam geus beres, “beres dok?” cek pa ulis, “muhun pa,antosan 3 mingon nembe prbana di laan nya pa”saur dokter, leos weh pa ulis mulih.

Selang samingu budak na pa ulis ngadu cenah aya nuaneh, sabab tiap anak pa ulis kiih(kahampangan) eta biwirna ngadadak enyar enyur ngageter, pa ulis reuwas.

Isukna pa ulis langsung gura giru ka rumah sakit nek ngontrog dokter, pas geus paadu hareupan langsungwe pa ulis ngadu masalahna, ” pa Dokter kunaon pura abdi teh biwirna jadikieu? ” cek pa ulis, “nakumaha kitu pa.!”

Dokter bingung, “kieu pa kunaon tiap putra abdi kahampangan biwirna enyar enyur ngageter?”, jawab dokter “o… Punten pa kumargi, bahan kange nambal biwir putra bapa seep, nya kuabdi di gentos ku daging gagaduhan sapi anu awewena.”..”o… Paingan atuh, kabitaeun meren…”


2 X 2 = 0

Basa dina pelajaran matematika SD,

Guru : “Opat tambah dua sabaraha Nang?”

Unang : “Genep Pa”

Guru : “Alus, ari lima dikurang dua sabaraha Ti?”

Tuti : “Tilu..”

Guru : “Bener… ari dua dikali dua sabaraha Lih?”

Olih (bari luak-lieuk) : “Seep Pa Guru ….”

Guru : “Naha bisa kitu Lih ?”

Olih : “Muhun pami tangkal sampeu dua dikali duanana nya seep we…”

Guru : “??!!”


Ateul jeng Gateul

Ateul jeng Gateul

Amang, “Bi, ari obat ateul kunaon?”

Bibi, “Di aro wae”

Amang, “Ari obat gateul?”

Bibi, “Di garo…!”

Amang (aro-aro teu ateul…)


Film-Film Hollywood Versi Bahasa Sunda

a. Saving Private Ryan – Nulungan si Rian

b. Enemy At The Gate – Musuh Ngajedog di Pager

c. Die Hard – Teu Paeh-Paeh

d. Die Hard II – Can Paeh Keneh

e. Die Hard III With A Vengeance – Nya�an euy Hese Pisan Paehna

f. Bad Boys � budag bedegong

g. Rocky – Osok Neunggeulan Batur

h. Rain Man – Lalaki Cicing di Bogor

i. Here�s Something About Marry – Ari Ceu Meri Teh Kunaon?

j. Mission Impossible – Moal Bisa

k. Titanic – Tilelep

l. Paycheck – Nganjuk Heula

m. Reign of Fire – Beubeuleuman

n. Original Sin – Tara Ka Mesjid

o. Sleepless In Seattle – Cenghar Di Ciateul

p. Silence of The Lambs – Embe Pundung

q. Ghost – Jurig Kasep

r. Bad Boys – Budak Baong

s. Are We There Yet? – Lila Teuing Nepina Euy?

t. Home Alone – Tinggaleun

u. Casablanca – Mengkol Ti Sudirman

v. Gone In Sixty Seconds – Indit Siah Kaditu!

w. The Awakening – Hudang Sare

x. After The Sunset – Tereh Maghrib


Ditilang Bapa Polisi

Waktu eta teh s �Bedul” ngangge motor bade ka kota pas di parapatan aya sora nu niup piriwit. Teu disangka nu niup piriwit teh ya eta polisi, si Bedul teuinang mokaha maneh na komplit make helem ieuh.

Langsung be maneh na eren. Terus yampeurkeun eta polisi nu ngaeureun keun manehna

Bedul: “Ku naon pa abi di eureun keun??”
Polisi: “Arek mariksa”
Bedul : “Mariksa naon ?? Da abi mah teu nyandak NARKOBA���..
Polisi: “lain eta maksud saya mah”
Bedul: “Atuh naon ? Lain eta mah make di pariksa sagala”
Polisi: “Ari SIM na mana ??”
Bedul: “Oh eta maha bi can gaduh pa!”

Kacaritakeun s Bedul di tilang be ku polisi. Hiji mansa s bedul mawa motor deuio ngaliwat parapatan deui. Si Bedul teu reuwaseun da mokaha maneh na ayeuna mah bogaeun SIM

Langsung maneh na eureun

Bedul: “Aya naon deui pa ??? SIM aya …. motor komplit Naon deui pa?”

Polisi: “maneh teu pakai helem… Kapaksa ku saya maneh di tilang…”

Poe isuk na Si Bedul leumpang alias jalan jalan sorangan. Pas kabeuneuran papanggih jeung polisi nu sok. Biasa nilang maneh na.Celetuk sibedul nanya ka eta polisi

Bedul: “Pa? Ku naon abi teu dipariksa ku bapa? SIM aya helem di angge”

Polisi: “Maneh na teu mawa motorrrrrrrrrrrra???”

Bedul: “Ohhh euya ya… geuning aing bolohoy!”

Si Bedul ngaleos eraeun bari maneh na neunggeulan sirah sorangan…


Kunti Jeung Tukang Sado

Dina hiji peuting kacaritakeun mang Udin tukang sado rek balik saenggeus mangkal di dayeuh, pas keur ditengah jalan mang Udin nu euker mengendarai kuda supaya baik jalanya, ningali aya awewe keur nangtung disisi jalan bari make baju bodas bari buukna panjang nepi ka bujurna, ku mang udin ditanya:

“Neng bade kamana wengi-wengi kieu’?”. “Nya eta mang bade ka ka bojong lopang” jawab na.

Tuluy singkat carita eta awewe teh milu ka mang udin da kampung mang udin ngaliwatan kampung nu rek dituju ku awewe eta. Pas nepi ka bojong lopang awewe eta turun bari ngasongkeun duit 20,000,.

“Ah neng sawios atuh” ceuk mang udin. Si awewe eta teu loba carita bari init kana rungkun anu poek, barang teu lila mang udin kaget nempo duit 20,000 tadi rubah jadi daun kararas, Bari nga gurutu mang Udin nyarita “Dasar Kunti lanak”,

teu lila sia wewe eta bijil dei tina rungkun anu poek bari nyarita


Anu Lolong Jeung Anu Gempor

Kacaritakeun aya hiji sobat ti bubudak nepi ka gede teu bisa pisah, nu hiji lolong nu hiji deui gempor, mun indit inditan pasti duanana arindit da puguh nu lolong bagian ngagandong anu gempor bagian panunjuk jalan.

Hiji mangsa harita liwat jambatan walungan;

Lolong : “Sora aya anu mandi nya ?”, pokna anu lolong.
Gempor: “Heueuh !, cik rek nanya eta nu mandi teh awewe atawa lalaki ?”
Lolong : “Nya pasti awewe lah !”
Gempor: “Ah siah lolong-lolong ge nyaho ka awewe mah !,Naha maneh bet nyaho eta awewe, memang tandana naon ?”
Lolong : “Ah siamah dasar bego!, oneng! bin tolol!, pan eta tandana mah bobogaan maneh ngaganjel dina tonggong aing!”.
Gempor: “Aeh Heueuh nya ! dasar ! teu kaop ninggali anu?”


Naheuran Pulsa

Satu waktu seorang Bapak yang baru datang dari Toba mengunjungi anaknya yang sudah lama merantau di Bandung. Setelah beberapa hari tinggal di rumah anaknya dia pun bermaksud mengunjungi familinya yang tidak jauh tinggalnya dari tempat kost anaknya di perkampungan yang padat dan harus melewati gang-gang. Dia pun membeli 2 kg mangga sebagai oleh-oleh.

Di perjalananan karena gangnya memang sempit, setiap kali dia melewati orang-orang yang sedang duduk depan rumahnya, si Bapak mengatakan permisi dan disahut mangga. Si Bapak merasa heran, kok mereka tahu ya saya bawa mangga? Lalu diberikannya sebuah mangga kepada orang tersebut, demikian seterusnya setiap kali dia mengatakan permisi dan disahut mangga, dia memberikan sebuah mangga. Sampai akhirnya habislah mangga yang dibelinya tersebut.

Sesampai di rumah kerabatnya, dia pun menceritakan bahwa tadinya dia membawa mangga untuk oleh-oleh, tetapi diperjalanan habis diminta orang-orang. Dia pun menceritakan apa yang dialaminya dan kerabatnya itu pun tertawa terbahak-bahak…

Jang Adang Sada cenah mah manehna teh, sukses gede dina bisnis ngala durian. Unggal panen jaba seubeuh ngahenggoy durian, oge kapecretan rezeki katinggang durian nepi ka 10 juta unggal bulan. Kusabab ngarasa sukses, nya manehna hayangeun boga handphone saperti nu dipibanda ku Neng Dahlia nu geulis.

Manehna meuli HP di segitiga emas, di parapatan lima Cibaduyut, alias jalan Siliwangi. Kieu kira-kira obrolan manehna jenung nu ngajual HP:

Jang Adang (A) : “Kang, aya HP nu kira pas keur kuring, nu saperti dianggo ku Neng Dahlia tea?, mun bisa mah hentu leuwih ti dua juta.”
Tukang HP (TH) : “Ohh . aya Jang, type na NOKIA 3260, ngan rada badag pamencetannana, benten saeuting ti nu Neng Dahlia. Keur Ujang mah lah cukup 1,5 juta wae.”
A : “Boi… boi wah Si Akang mah. Jeung nomerna sakantenan pang masangkeun.”
TH : “Pulsana nu sabaraha Jang, rek nu 25 rebu, 50 rebu Atawa 100 rebu…”
A : “Nu pangmahalna Kang, nu 100 rebu, piraku juragan pulsana ngan saeutik.”
TH : “Kitu sae Jang, ngan Ujang di mana linggih?”
A : “Di Cibeulah tutugan gunung gede, lempeng ngaler anu brasna ka Babakan Saat, teras ngidul jol wae ka Cihanaang.”
TH : “Wah Jang, jauh atuh kitu mah, jaringan operator encan nepi ka dinya..”
A : “Na ari si Akang, kuring teh juragan beunghar, bisi teu nyaho! Kuring hayang geura ngabel Ka Neng Dahlia, lamun 100 rebu teu cukup, keun ku kuring ditambah jadi 200 rebu asal nepi…”


Basa Lemesna

Ua Sas: “Cik, ari lemesna leungeun naon?”
kang Hendri : “Pananganan”
Ua Sas: “Lemesna suku?”
kang Hendri: “Sampeyan…”
Ua Sas: “Tah ayeuna…ari lemesna beas, naon?”
kang Hendri mikir…uleng lila….naon nya?
Ua Sas: “Tipung…!!!!”
hahaha…. (MJ)


Bu Guru Basa Inggris SMU Disakola

“Do you understand?”,ceuk ibu guru basa inggris SMU, ngora keneh, geulis deuih.

“Yes, I stand under you”, ceuk murid nu pangkasepna sakelas

Ibu guru: “???!!!!….”




ssssssssttttttttt: http//www.ketawa.com

Tidak ada komentar:

Posting Komentar